Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran....!!!
Pun, sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana
ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka
ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu
hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun
hirup ka hareupna, supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu
anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal
ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu
somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér, daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.

Engké
réa nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma.

Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi
mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di
dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barulé, nu diangon
ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja
dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan
narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal!

Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bulé kalalabur;
laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan urang ngareunah seuri, tapi
seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku monyét, sawah béak ku
monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah béak ku
monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét.
Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet
bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba
nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong,
sabari nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus
ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.

Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mémang titisan raja.
Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh
titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui
jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus témbong
bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di
urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan
jeung rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna; buah paré loba nu teu asup kana aseupan……………………….. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.

Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorén
kanéron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngélingan nu keur paroho.
Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan.
Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina
pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana
ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana, bakal nyaram Pajajaran
didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi
gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup
mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman
manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing
nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun.
Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana?
Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur
laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan
nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut?
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta
bagianana. Ngan nu aréling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi
kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabéh gé taya nu
meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak, béakna ku nu nyarekel
gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak angon, nu saungna di
birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum
ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék marénta
tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung
budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.

Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun Gunung Gedé
anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat. Urang
Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana.
Sanagara sahi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar